TAUN ANYAR

Ngahaja ngajalankeun motor teh teu tarik teuing da katingali sibungsu lumpat moro ka kuring” Ih, Bapa mah teu meser torompet kan, Tasya hoyong tarompot nu kawas Salma nu jiga naga!”ceuk sibungsu bari naek kana motor.Muhun engke kan bapa nembe uih damel. Wios engke wengi dipangmeserkeunnya,” Jawab kuring. Geus tilu poe sibungsu hayang torompet pedah babaturana pada mareli rek nyahareupan taun anyar pernah nanyakeun kanu dagangna geuning hargana nyauraan keur meuli  beas 5 kileun  matak sok dibebejokeun weh mun nyakeun tarompet teh , da tong boro meuli tarompet keur sapopoe oge kuring kudu ngesang ti isuk nepi ka sore mapay-mapay jalan bari can tangtu mawa hasil keur piisukeun. Teu karasa mata poe geus mimiti indit rek sare  angin peuting geus ngusapan sawatara bulan milu nyaangan pakarangan. Sibungsu geus lieuk deui lieuk deui jigana hatena tumanya naha bapana can indit bae. Kuring maksakeun  indit lain rek meuli tarompet  tapi teu wasa ningali budak. Can puguh indit teh na pikiran rek mulang peuting susuganan budak geus sare ka indung bebeja sangkan budak dipepende. Diluar enya oge caang ku bulan tapi hate mah anggeur weh teu trimtim  komo barang ka jalan ningali tukang taropoet ngan pati nyegruk weh. Keur bingung katingali aya budak  jeung kolotna keur adu tawar  jeung tukang tarompet kolotna rimbil ku emas na leungeuna enya oge peuting. “Moal nyalahan  ieu jalma  teu kakurangan  duit.” Ceuk kuring.  Sanggeus katingali jalan kuring nuturkeun rada anggang peso nu ditendeun dina beuteung digeserkeun.  “ Mun engke ngaliwat kanu poek tingalikeun.” Ceuk kuring.
“Kadieu keun eta loket atawa maneh pegat nyawa.” Ceuk kuring
“ Naon ieu teh.” Ceuk manehna
“ tong ngalawan bisi maneh modar kadieukeun eta loket,” kuring nyered manehna kana tembok benteng nu aya sisi jalan. “ Kin, nanaon ieu teh,” ceuk manehna. Hate bati tagiwur jeung soak naha geuning manehna apal ka kuring. Peso nu tadina rek di pake nodong teu ka buru di kaluarkeun sajongjonan kuring ngan olohok. “Tulung, tulung,” manehnya ngagorowok. Teu apal ti mana jol na ngan jekuk kana  punduk karasa aya nu ngababuk   koleang gubrak kuring nyuuh kana trotoar jalan. Habek, habek pada najongan peso nu na beuteung kabantingkeun. Samar samar katingali aya nu mulung  peso ngan  Bres, wae ditojoskeun kana beuteung kuring. “ Ampun, ampun “ ceuk kuring.
“Bapa, Bapa, ugah tos siang ari Bapa. Teu acan sholat subuh. Sibungsu ngahudangkeun.  
 Congo torompetna di deudeut-deudet kana beuteung kuring “ Ya. Alloh geuning ngimpi ieu, teh” ceuk kuring.

Komentar

Postingan Populer