Mihape
(Cisomang 1995)
Ieu surat pasti kabaca
Ku anjeun ditulis
Waktu kareta mapay jampatan Cisomang
Kareta ngajerit bakal ku beurat
Sarua jeung hate urang nu sarua beurat
Ieu surat pasti kabaca
Ku anjeun ditulis
Waktu cimata budah dina dada
Sarua jeung budahna hasep dina kareta
Ceuk anjeun mihape, ieu surat
Surat anteng dina lahunan
Teu robah sanajan geus welasan tahun
Surat anteng neteup kuring
Sanajan kuring geus aya nu lain
Ieu surat pasti kabaca
Ku anjeun
Nu kungsi mihapekeun ka kuring
Komentar
Posting Komentar