TAUN ANYAR Ngahaja ngajalankeun motor teh teu tarik teuing da katingali sibungsu lumpat moro ka kuring” Ih, Bapa mah teu meser torompet kan, Tasya hoyong tarompot nu kawas Salma nu jiga naga!”ceuk sibungsu bari naek kana motor.Muhun engke kan bapa nembe uih damel. Wios engke wengi dipangmeserkeunnya,” Jawab kuring. Geus tilu poe sibungsu hayang torompet pedah babaturana pada mareli rek nyahareupan taun anyar pernah nanyakeun kanu dagangna geuning hargana nyauraan keur meuli beas 5 kileun matak sok dibebejokeun weh mun nyakeun tarompet teh , da tong boro meuli tarompet keur sapopoe oge kuring kudu ngesang ti isuk nepi ka sore mapay-mapay jalan bari can tangtu mawa hasil keur piisukeun. Teu karasa mata poe geus mimiti indit rek sare angin peuting geus ngusapan sawatara bulan milu nyaangan pakarangan. Sibungsu geus lieuk deui lieuk deui jigana hatena tumanya naha bapana can indit bae. Kuring maksakeun indit lain rek meuli tarompet tapi teu wasa ning...
Cari Blog Ini
Nyondong Elmu